NGIMPI I
Salila pertandingan piala dunya sabulan campleng, Apud ngan kabeurangan wae asup sakolana teh da lalajo wae nepi ka subuh. Unggal ditanya aya wae jawabna. Geus rengse piala dunya, Apud masih kabeurangan keneh. Bari keuheul, Pa Otong, guruna nanya.
PA OTONG: Cik alesan naon deui poe ieu maneh geus kabeurangan deui wae, pan pertandinganna oge geus rengse?
APUD : Punten Pa, tadi wengi teh abdi ngimpen nongton pertandingan Brazil ngalawan Spanyol, mung dina eta impenan teh hasil pertandingana 0 – 0 janten we pertandingana diperpanjang 2 X 15 menit.
NGIMPI II
Kusabab kabeurangan wae asup sakola, Apud peuting ieu mah buru-buru sare rada sore keneh supaya bisa hudang subuh. Kabuktian isukna Apud hudang subuh tur bisa nepi ka sakola memeh bel asup disada.
PA OTONG : Har gening Apud, meni kayungyun bisa datang isuk keneh, heug jiga kieu teh unggal poe!
APUD : Muhun Pa, kaleresan wengi tadi mah ngimpen teh nonton pertandingan maenbal Persik lawan Persebaya, mung kaleresan Persebayana di WO.
KABEURANGAN DEUI
Isukna Apud datang ka sakola geus kabeurangan deui wae, nya atuh Pa Otong nu kamari geus muji, keuheul deui wae.
PA OTONG : Apud, maneh teh ngan inysaf sapoe kamari wungkul, ari ayeuna geus kabeurangan deui wae.
APUD : Hapunten Pa Guru, abdi teh tadi tos lumpat rurusuhan sieun kasiangan, mung eta abdi maca plang “Pelan-pelan banyak anak sekolah”, janten we abdi mapah teh lalaunan.
PELAJARAN GEOGRAFI
PA OTONG : Apud, cik sebutkeun tilu alesan kunaon bentuk dunya teh buleud?
APUD : Alesan kahiji, saur pun Bapa bentuk dunya teh buleud. Alesan kadua, kasauran pun Ibu bentuk dunya teh buleud. Alesan nu katilu kasauran Bapa Guru, bentuk dunya teh buleud.
PELAJARAN FISIKA
PA OTONG : Isaac Newton katelah ahli fisika sabab manggihan teori gravitasi waktu manehna diuk handapeun tangkal apel, eta buah apel murag ninggang kana sirahna. APUD : Leres Pa, cobi pami Isaac Newton calik wae di kelas, jigana moal kekengengan nanaon.
PELAJARAN NULIS
EMA : Diajar naon poe ieu Jang di sakola teh
UJANG : Diajar nyerat Ma
EMA : Naon anu diserat teh Jang?
UJANG : Duka atuh Ma, da Bu Guru teu ngajarkeun Ujang kumaha carana maca.